B. Daerah

Pertanyaan

sabab sagala rupa nau geus dibaktikeun ka lemah cai estu clik putih clak herang , murni kaluar tina rasa kacintaan ka nagarana.
dina kalimah diluhur aya kecap clik putih clak herang anu ngandung harti..

1 Jawaban

  • Harti paribasa "clik putih clak herang" nyaeta ikhlas. Atawa bisa oge hartina beresih hate, tugenah, teu aya rasa keuheul. Biasana paribasa "clik putih clang herang" teh ditambahan atawa dilengkepan ku "caang bulan opat belas". Dina basa Sunda paribasa teh kaasup kana pakeman basa. Nu kaasup kana pakeman basa nyaeta paribasa, babasan, cacandran, pamali jeung kila-kila.

    Pembahasan

    Kecap "herang" saperti dina paribasa "clik putih clak herang", sering digunakeun dina paribasa Sunda pikeun nunjukkeun hal, cara atawa kaayaan anu alus atawa hade. Saperti paribasa "caina herang, laukna beunang" anu miboga harti ngarengsekeun atawa ngabereskeun hiji perkara ku ngagunakeun cara anu matak tugenah tur hade.  

    Paribasa lianna anu make kecap herang nyaeta saperti "tiis ceuli herang mata" anu miboga harti nyaeta kaayaan tengtrem anu teu aya gangguan. Kekecapan nu aya dina paribasa biasana sok murwakanti, saperti kecap clik jeung kecap putih, kecap tiis jeung kecap ceuli. Pakeman basa nyaeta kalimah atawa kekecapan anu miboga susunan anu geus maneuh sarta harti anu geus maneuh oge.  

    Kusabab pakeman basa, nyaeta saperti paribasa, geus miboga susunan kecap atawa kekecapan anu geus maneuh, kecap atawa kekecapan nu aya dina paribasa henteu meunang dirobah, boh ditambah atawa dikurang. Contona, biasana paribasa sok ngagunakeun kecap atawa kekecapan nu aya dina ragam basa loma, tapi paribasa bisa digunakeun boh dina ragam basa loma boh dina ragam basa hormat.  

    Pelajari lebih lanjut

    • Pakeman basa brainly.co.id/tugas/1262529
    • Contoh pakeman basa https://brainly.co.id/tugas/1960498
    • Persamaan dan perbedaan babasan dan paribasa dalam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/12436631

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : IV

    Mapel : Bahasa Sunda - Komunikasi Dina Pakumbuhan

    Bab : 8

    Kode : 4.13.1

    Kata Kunci : Harti paribasa clik putih clak herang

Pertanyaan Lainnya