Jien conto kalimah tina kecap indung beurang, jalan satapak, kacapanon
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Nu perlu diperhatikeun dina nyieun kalimah basa Sunda nyaeta ragam basa nu digunakeun kudu merenah. Dina Tatakrama Basa Sunda, atawa nu baheula mah sok disebut Undak usuk Basa Sunda, aya dua ragam basa nyaeta nu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma.
Pembahasan
Kecap indung beurang ngagunakeun ragam basa loma, tapi, kusabab indung beurang mangrupa istilah, kecap indung beurang bisa dilarapkeun boh dina ragam basa hormat / lemes boh dina ragam basa loma. Kecap jalan satapak bisa dilarapkeun boh dina ragam basa hormat / lemes boh dina ragam basa loma.
Sedengkeun kecap kacapanon ngan bisa dilarapkeun ragam basa loma wungkul. Di handap ieu nyaeta conto kalimah nu ngagunakeun kecap indung beurang, jalan satapak jeung kacapanon dina ragam basa loma:
- Indung beurang hartina paraji atawa jalma anu sok nulungan dina waktu ngalahirkeun, conto kalimahna "Dina ngalahirkeun teh ayeuna mah geus langka ditulungan ku indung beurang"
- Jalan satapak hartina geus jelas, conto kalimahna "Jalan ka imah Mang Udin teh kudu ngaliwatan jalan satapak"
- Kacapanon hartina geus jelas, conto kalimahna "Hidep ari maca buku teh ulah sok di tempat anu poek engke kudu make kacapanon geura"
Ayana ragam basa dina basa Sunda lain ditujukeun pikeun ngabeda beda jalma jalma, tapi ragam basa ditujukeun pikeun ngahormat ka nu leuwih kolot sarta ngajenan ka anu sahandapeun atawa anu sapantar.
Pelajari lebih lanjut
- Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
- Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
- Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344
__________
Detil Jawaban
Kelas : VII
Mapel : Bahasa Sunda - Paguneman
Bab : 1
Kode : 7.13.1
Kata Kunci : Nyieun kalimah basa Sunda