B. Daerah

Pertanyaan

Nyarita ka Saluhureun
Nadia:"Tadi mah ameng teh sareng Lia sareng Tanti.
Janten,rada lami amengna."
Ceu Mira:" Nya dimana kitu arameng teh,Nadia?"
Nadia:"Di bumina Lia,Ceu.Rada tebih ti dieu mah,
kinten kinten sapuluh menitan."
Ceu Mira:" Nanaonan bae di bumi Lia teh."
Nadia:"Em...., ngadon prang pring,bunggaya,sareng
encrak!" Mani resep teh,Ceu!Ceu Mira,
seneng henteu kana prang pring?"
Ceu Mira:"Nuju sasama Nadia mah Ceu Mira oge
resep atuh.Ayeuna mah henteu patos, da
Ceuceuna parantos dewasa."
Nadia:"Abdi sok resep upami paenggal enggal
nilepkeun sampean ka pengker.Anu pangpa-
yunna,eta anu kenging. Upami anu pangpe-
pengkema,nya janten anak bawang."
Ceu Mira:"Ulah kamalinaan teuing upami ameng
teh! Kedah terang kana waktos wangsul
nya!"
Nadia:"Muhun,tadi oge apan henteu lami teuing.
Padahal, masih hoyong keneh ameng. Da
bilih diseuseulan ku Ibu,nya enggal bae
wangsul."
Ceu Mira:"Tah,leres kedah kitu!" Nadia oge kedah
diajar tumut kana piwuruk ti sepuh."

Soalnya:
1) saha anu aya dina guneman di luhur?
2) saha anu bebeja tas ulin teh?
3) dimana ulinna Nadia teh?
4) jeung saha bae ulinna Nadia teh?
5) ulin naon bae Nadia teh?
6) ulah kumah lamun ulin teh?
7) kaulinna naon anu dipikaresep ku Nadia?
8) kaulinna naon anu dipikaresep ku Ceu Mira
waktu leutik?
9) kudu kumaha urang kana piwuruk sepuh?
10) make ragam basa naon guneman di luhur?

2 Jawaban

  • pakai bahasa yg jelas ya supaya di mengerti
  • 1) nadia sareng ceu mira
    2) nadia
    3) dibumina lia
    4) lia sareng tanti
    5) prang pring, bunggaya sareng encrak
    6)ulah kamalinaan teuing
    7) prang pring
    8) prang pring
    9) kedah terang kana waktos wangsul
    10)basa sunda anu lemes

Pertanyaan Lainnya